Surga nunut, naraka katut.
Hartina : Pamajikan nu satia ka salaki nepi ka liang cocopét gé milu
Paribasa Sunda
Ngamumulé basa Sunda
Kamis, 27 April 2017
Paribasa jeung Babasan (3)
Senin, 03 April 2017
Kamus sunda
Uyuhan = Dibasakeun kana kajadian anu henteu disangka sangka bakal nguntungkeun ahirna, sakurang kurangna teu ngarugikeun loba.
Uyuhan Dibéré gé batur mah komo ditarima tarima acan. Kecap uyuhan sok dihartikeun teu nyangka, boro boro, untung keneh, pira pira,
Manguyuhankeun = Mangmikirkeun batur uyuhan bisa sakitu gé.
Teu maot gé uyuhan = untung kénéh, sedeng kudu na mah harita maot.
Reumbay = Dibasakeun kana cimata nu kaluar tina juru mata mapay pipi lantaran ngangres atawa tas ngadahar kadaharan nu lada teuing.
Sabtu, 20 Agustus 2016
Paribasa Jeung Babasan (2)
Hartina : ulah beunang kagoda lamun urang keur boga pamaksudan hadé.
Hartina : Ambek teu kaluar, keuheul nu aya, sok di sebut ogé ambek kapegung.
Hartina : Nulungan jelema nu euweuh panarimana,
Hartina : dibasakeun ka jelema anu teu kaop ngedeng sakeudeung terus saré lantaran kapangaruhan ku anggel.
Saur sepuh, nu keur reuneuh teu beunang nyocok anggel atawa kasur pamali matak anakna gembul.
Hartina : Ngeunah haté jeung ngeunah barangdahar dina laki - rabi.
Hartina : Kagoréng lantaran ti saurang, tungtungna jadi mawa goréng ka saréréa.
Hartina : Anu harti sabenerna cangkalak - cangkalak maké hayang niru cantaka, sedeng demi maksudna: nu pangkat handap hayang nyaruaan nu pangkat luhur atawa nu miskin hayang nandingan nu beunghar, pupujieun.
Hartina : Ambek tara terus jeung haté, budina tetep marahmay.
Hartina : Kudu papaitan, kudu paheut.
Hartina : mimiti di pikanyaah, dipikarunya ahir - ahir jadi nyusahkeun.
Hartina : méré omongan panutup sarta teu bisa di robah deui.
Hartina : teu tarima meueus meueus acan, teu rumasa, baid; kapercayaan : entong diangir geus burit pamali matak maot geus burit; carana diangir; angir diasupkeun kana aseupan ti luhurna di banjur ku cai, cai nu bijil tina birit aseupan disina ngucur kana buuk; ka dieunakeun nu sok dipaké angir cilebu sapu paré atawa cisabun; saur sepuh : anu tos diangir, adus atawa kuramas kudu buru buru disisiran jeung diminyakan pamali bisi maot ngora ngora.
Hartina : Ari siga saperti nu nu gedé wawanénna, tapi ana dicoba wet mundur, leutik burih.
Hartina : Kahadéan jelema ka urang di bales ku kagoréngan.
Hartina : ngaliarkeun atawa nyebarkeun picékcék bocékeun, ngaliarkeun kagoréngan.
Hartina : Milik jelema nu goréng gawéna dieureunkeun ari nu hadé terus dipaké.
Hartina : Ngangeunahkeun batur.
Hartina : teu percaya saeutik eutik acan.
Hartina : Bisa campur rukun jeung unggal jelema atawa jeung unggal golongan jelema atawa bangsa; pamingpin kudu bisa hirup ka bala ka balé.
Hartina : Teu ngomong sakemék - kemék atawa sakecap-kecap acan, teu lemék teu nyarék.
Hartina : ari bangun saperti jelema lungguh, tapi ari ditukangeun lain deui nakalna.
Hartina : ari rupa rupa geulis jeung manis tapi semu semu dusun.
Hartina : nitah digawe ka batur bari prak ku sorangan.
Hartina : taya pegatna, taya petotna, taya eureunna, upamana nu jadi kolot nyaahna ka nu jadi anak.
Hartina : geus nepi kana tutulisanana, kana nasibna.
Hartina : karesepna sakeudeung sakeudeung nyarékan, tapi tabéatna béréhan
Hartina : Teu puguh aturanana, teu puguh maksudna, pacorok, beunang disebut ogé teu puguh, salah surupna atawa bener henteuna.
Hartina : pakia kia teu sabilulungan, silih éléhkeun dina bab perejekian.
Hartina : Sasadu bisi aya omongan nu matak ngaraheutkeun haté batur.
Hartina : Sumpah tanda kapok kana kalakuan goréng anu geus disorang, rék babalik pikir, moal deui deui migawé lampah goréng cara nu enggeus enggeus.
Hartina : dilarapkeun ka nu gering nangtung ngalanglayung, biasana ku lantaran kabungbulengan atawa kaédanan, nepi ka henteu daék barangdahar da sagala kadaharan henteu mirasa. Tuak bari nyaéta tuak nu geus di peutingkeun, karasana haseum; ari catang bobo nyaéta tangkal kai nu geus rék ancur ku sabab kahujanan kaanginan. Sagala teu mirasa ku sabab keur gering pipikiran.
Hartina : Jalma nu geus kolot tur geus deukeut ka paéh, biasana digunakeun pikeun nyindiran ku sabab éta jalma boga kahayang nu minculak, upamana hayang kawin deui ka parawan.
Hartin : Ngalakukeun sagala rupa hal bari henteu boga pikir rangkepan, henteu merdulikeun cegahan agama atawa moral.
Hartina : Néangan tempat anu bisa diadonan matuh boh pikeun saheulaanan boh pikeun salilana
Hartina : Jalma hirup di dunya moal salawasna, saréréa baris ngalaman pati.
Sok diteruskeun ku "paéh teu nyaho di mangsa" da pati mah rasiah gusti, teu aya jalma nu terangeun iraha irahana baris maot.
Hartina : Hirup salamet sabada ngajodo, salilana di paparin rejeki bari dijauhkeun tina balai, salaki - pamajikan tara (sering) paséa, do'a ti kolot.
Hartina : Jalma nu lain cabakna da henteu bogaeun kasanggupan anu dipikabutuh jeneng jadi pangkat, tangtu makmak - mekmek bari sagala kawijakanana henteu aya nu bener.
Hartina : Bisi kanyahoan ku intel anu rerencepan nalingakeun urang, nu gawéna ngadéngékeun omongan rasiah atawa ngawaskeun sagala kalakuan anu dianggap pasalia komo deui mun ngalawan kana kakawasaan nu keur jeneng.
Hartina : Dina enggoning urang di gawe kudu maké jeujeuhan, sangkan ulah aya matakna kana diri.
Rabu, 10 Agustus 2016
Babasan Jeung Paribasa (1)
Kawas Badak cihéa.
Hartina : dibasakeun ka jalma nu keur leumpang di eureunkeun teu daékeun tapi terus bablas baé, jadi jelema kurang ajar.
Cécéndét madé kiara atawa Cécéndét mandé kiara.
Hartina : Cacah nyaruaan ménak atawa nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Banda tatalang raga.
Hartina : Dina keur ngalaman susah banget leuwih hadé banda urang di jual tinimbang ngalakukeun jalan sérong; banda tatalang raga beunang nyutat kabaheulaan, anu miskin ahli warisna teu boga nanaon nya pangabogana mayit dijual pikeun mulasarana; satemenna kecap banda sok dihartikeun bobogaan parawan.
Banda sasampiran atawa sasampeuran, nyawa gagaduhan.
Hartina : Teu daya upaya sagala kagungan jeung kersana gusti alloh, nyawa jeung banda ukur titipan.
Diuk ngahurun balung ku tulang.
Hartina : teu puguh cabak, sagala bararingung.
Marebutkeun balung tanpa eusi.
Hartina : madukeun perkara perkara tanpa paédahna, euweuh gunana.
Balung kulit kotok meuting.
Hartina : Hésé di pohokeunana, teu eureun eureun nyeri haté ti baréto nepi ka ayeuna.
Geus punah balang - béngsalna.
Hartina : Geus eureun tina rupa - rupa kasialan atawa kasusahan ayeuna tinggal mulusna.
Alam bedil sundut.
Hartina : Jaman baheula pisan.
Dikongkorong goong diiteuk bedil.
Hartina : Dikeunakeun ka jelema bedegong, adigung.
Papatah kolot Bibilintik ti leuleutik, babanda ti bubudak, kukumpul ti lelembut, geus gedé ngan kari maké.
Hartina : kudu daék neundeun poho atawa daék makaya sampeureun jaga, kudu daék nyéngcéléngan.
Bibilintik ringkesan tina kecap "balantik ti leuleutik", maksudna diajar ngumpulkeun duit ti leuleutik atawa ti ngongora; sok disebut ogé bibirintik.
Bujangga teu wareg ku élmu, sudagar teu wareg ku dunya.
Hartina : Nu pinter hayang tambah pinter, nu beunghar hayang beuki beunghar.
Pisin jeung cangkir sok aya pakétrokna.
Hartina : Antara dulur sok aya paséana; ceuk kolot baheula nyician cai teu beunang pinuh teuing, pamali matak disipat batur (dihina)
Nya (taya) di hurang, nya (taya) di keuyeup.
Hartina : Kasuka jeung kaduka di kabéh jelma sarua.
Endog mapatahan hayam.
Hartina : Sahandapeun mapatahan ka saluhureun atawa nu ngora mapatahan ka nu geus kolot.
Pangdeudeul ku congo réma.
Hartina : Panyumbang, panyambung hirup nu lumayan.
Awéwé deukeut deuleu pondok léngkah.
Hartina : Pondok jeujeuhan, pondok pikiran; nu sok di larapkeun ka awéwé jaman baréto.
Ngadu ngadu raja wisuna.
Hartina : Nungtun pipaséaeun
Adigung adiguna at. Adigang adigung - adiguna
Hartina : Boga rasa leuwih ti sasama, kacirina dina laku lampahna jeung omonganana; sok disebut ogé muncugug.
Adéan ku kuda beureum at. Adéan ku kuda deungeun.
Hartina : Beungharna, gindingna ku banda batur.
Adat ka kurung ku iga.
Hartina : Adat lamun geus goréng sok hésé di robahna
Adu rényom.
Hartina : parebut bebeneran ku omong atawa pacéntal céntal omongan nepi ka ramé.
Adu regeng.
Hartina : ngadu tanaga ku jalan nguat nguatkeun manéh narik atawa pabetot betot atawa ngangkat atawa ngajungjungkeun sahiji barang nepi ka meueus meueus ngadegeng bakating ku beurat, ogé sok dihartikeun pakeukeuh.
Adu telu.
Hartina : Diadutelukeun; disidikkeun ku jalan jelema kadua, katilu ku jelema kahiji diriungkeun pikeun didéngé masing masing pangakuanana, kateranganana, sok disebut ogé di lawungkeun; di pangadilan nu di dakwa jeung saksi sok di adutelukeun.
Galak timburu.
Hartina : timburuan, gampang curiga lamun pasanganana (salakina atawa pamajikanana) padeukeut atawa dideukeutan ku awéwé atawa lalaki séjén.
Ulah sok timburuan, tapi kudu gedé timburu.
Hartina : Ulah sok gampang timburu tapi kudu waspada.
Biwir nyiru rombéngeun.
Hartina : ngucah ngacéh rasiah batur, comél;
Saur sepuh, parawan teu beunang ngaléngkahan atawa nincak nyiru, pamali matak labuh di nu réa jelema atawa di hareupeun mitoha.
Sereg di lawang (lain panto), logor di liang jarum.
Hartina : kadieu kaditu ngarasa éra ku sabab rumasa boga dosa, jelema nu kitu karesepna ngajauhkeun diri ti babaturan.
Cara pantun teu jeung kecapi.
Hartina : ari ka batur bisa mapatahan hadé, tapi ari sorangan henteu hadé.
Aya Bagja Teu Daulat.
Hartina : Meunang bagja tapi henteu nepi ka prak na, upamana meunang lotré, tapi surat lotré na leungit, atuh duitna teu bisa di cokot.
Nu asih di pulang sengit, nu nyaah di pulang moha.
Hartina : Ngagambarkeun jalma nu henteu nyaho mulang tarima, nepi ka nyieun kagoréngan ka jalma anu geus mikaasih atawa nulungan manéhna dina waktu nyanghareupan karerepet.
Dogong dogong tulak cau geus gedé di tuar batur.
Hartina : Kabogoh anu di endém jeung dimumulé ti leuleutik, ari geus gedé geus wanci dikawinkeun kalah ku batur.
Désa mawa cara, nagara mawa tata.
Hartina : Kahirupan di désa dumasar kana adat kabiasaan talari karuhun, tapi nagara ngatur tata kahirupan anu leuwih jembar manan adat kabiasaan désa.
Cueut kanu hideung, ponténg kanu konéng.
Hartina : Henteu adil dina méré timbangan, da aya nu dipikaasih atawa barayana nu kudu dimeunangkeun.
Cadu mundur sacongo buuk, haram ngejat satunjang béas.
Hartina : Ucapan nu némbongkeun rék tagen dina pamadegan sanajan nepi ka pati.
Dibéré sajeungkal hayang sasiku (atawa sahasta), di béré sasiku (atawa sahasta) hayang sadeupa.
Hartina : Ngagambarkeun napsu atawa kahayang jalma sarakah anu henteu aya seubeuhna.
Batu turun keusik naék
Itu purun ieu daék
Ngaliarkeun taleus ateul.
Hartina : Nyieun jalan nu matak batur paraséa atawa gujrud jeung pada batur na.
Nété tarajé nincak hambalan.
Hartina : Nurutkeun aturanana, nurutkeun urutanana…henteu sagawayah.
Inggis batan maut hinis, rémpan batan mesat gobang.
Hartina : Ngagambarkeun kapaur jeung kasieun dina enggoning ngalampahkeun hiji hal sabab bisa nimbulkeun fitnah kajadian anu jauh tina sangkaan.
Daék medu.
Hartina : Salah sahiji uni sumpah anu sering di ucapkeun ku urang sunda awahing ku hayang di percaya yén omonganana lain bohong, sok di tambahan ku daék busung.
Dina pantun Mang Acéng ti Situraja, Sumedang mah unina anu lengkep téh jadi sisindiran :
Daék medu daék busung
Daék di béntar gelap,
Béak baju béak sarung,
Ngabélaan anu nyelap,
Tapi sakapeung sok bari miharep nu hadé, lain picilakaeun upamana sumpah "Daék beunghar!" Atawa "Daék kasép!"
Carulang dipahpal kuda, héjo deui héjo deui.
Rék mulang samar kaduga, nénjo deui nénjo deui.
Datang katingali tarang, undur katingali punduk.
Hartina : Datang atawa rék mulang deui kudu nyarita ka nu didatangan, kudu amitan heula atawa kudu unjuk muka heula.
Neukteuk leukeur meulah jantung, cas kayas paria jawa atawa jingga.
Hartina : Geus lain lainna deui geus euweuh hubunganana deui, geus papaharé deui;
Paribasa éta beunang nyutat ti jelema nu maot ninggalkeun anak loba sok meulah jantung, meulah duwegan jeung neukteuk leukeur nyaéta palakiah sangkan nu tinggal maot salamet.
Ditilik ti gigir lenggik, ditéang (sawang) ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup.
Hartina : Geulis ka wanti wanti.
Ngalangeu atawa ngadaweung ngabangbang areuy.
Hartina : Henteu puguh pipikiran, jararauh panineungan; pikiranana jiga areuy ngarambat kamamana.
Gindi pikir belang bayah.
Hartina : Haténa, pikiranana teu puguh, goréng haté sok resep nyilakakeun batur, boga pikir atawa niat jahat.
Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan.
Hartina : Nu keur ambek diheureuyan nepi ka ambekna beuki tambah atawa nu geus puguh salah hayoh waé ditambahan nepi ka beuki salah, bisa disebut karo karo gélo atawa saruana.
Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan.
Hartina : Ngalajur hawa napsu ka awéwé sarta teu ngingetkeun temah-wadina.
Temah-wadi : akibat, kajadian tina rasiah ahirna, balukarna.
Asa ditonjok congcot.
Hartina : Atoh pisan, lantaran keur butuh pisan pareng manggih bagja, eukeur hayang pisan aya nu nawaran.