Sabtu, 20 Agustus 2016

Paribasa Jeung Babasan (2)

Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan. Kuduna kalindukan
Hartina : ulah beunang kagoda lamun urang keur boga pamaksudan hadé.
Ambek nyedek tanaga midek.
Hartina : Ambek teu kaluar, keuheul nu aya, sok di sebut ogé ambek kapegung.
Nulungan anjing kadémpét.
Hartina : Nulungan jelema nu euweuh panarimana,
Teu kaop bau anggel.
Hartina : dibasakeun ka jelema anu teu kaop ngedeng sakeudeung terus saré lantaran kapangaruhan ku anggel.
Saur sepuh, nu keur reuneuh teu beunang nyocok anggel atawa kasur pamali matak anakna gembul.
Ngeunah angen, ngeunah angeun.
Hartina : Ngeunah haté jeung ngeunah barangdahar dina laki - rabi.
Angeun sapariuk karagragan tai beurit hiji.
Hartina : Kagoréng lantaran ti saurang, tungtungna jadi mawa goréng ka saréréa.
Alak alak cumantaka.
Hartina : Anu harti sabenerna cangkalak - cangkalak maké hayang niru cantaka, sedeng demi maksudna: nu pangkat handap hayang nyaruaan nu pangkat luhur atawa nu miskin hayang nandingan nu beunghar, pupujieun.
Ambek sadu santa budi.
Hartina : Ambek tara terus jeung haté, budina tetep marahmay.
Adu telu, ampar tiga.
Hartina : Kudu papaitan, kudu paheut.
Dipiamis buah gintung.
Hartina : mimiti di pikanyaah, dipikarunya ahir - ahir jadi nyusahkeun.
Neukteuk méré anggeus.
Hartina : méré omongan panutup sarta teu bisa di robah deui.
Ngimpi gé diangir mandi.
Hartina : teu tarima meueus meueus acan, teu rumasa, baid; kapercayaan : entong diangir geus burit pamali matak maot geus burit; carana diangir; angir diasupkeun kana aseupan ti luhurna di banjur ku cai, cai nu bijil tina birit aseupan disina ngucur kana buuk; ka dieunakeun nu sok dipaké angir cilebu sapu paré atawa cisabun; saur sepuh : anu tos diangir, adus atawa kuramas kudu buru buru disisiran jeung diminyakan pamali bisi maot ngora ngora.
Ngaplék jawér ngandar jangjang sok diteruskeun miyuni hayam kabiri.
Hartina : Ari siga saperti nu nu gedé wawanénna, tapi ana dicoba wet mundur, leutik burih.
Jelema nu asih di pulang (tai) sengit.
Hartina : Kahadéan jelema ka urang di bales ku kagoréngan.
Ngliarkeun taleus ateul.
Hartina : ngaliarkeun atawa nyebarkeun picékcék bocékeun, ngaliarkeun kagoréngan.
Ayak ayak béas.
Hartina : Milik jelema nu goréng gawéna dieureunkeun ari nu hadé terus dipaké.
Ngayunkeun kahayang batur.
Hartina : Ngangeunahkeun batur.
Teu percaya sabakatul hiber.
Hartina : teu percaya saeutik eutik acan.
Bisa ka bala ka balé.
Hartina : Bisa campur rukun jeung unggal jelema atawa jeung unggal golongan jelema atawa bangsa; pamingpin kudu bisa hirup ka bala ka balé.
Balem jero tujuh basa.
Hartina : Teu ngomong sakemék - kemék atawa sakecap-kecap acan, teu lemék teu nyarék.
Lungguh lutut bodo kéong atawa sok diteruskeun sawah sakotak kaider kabéh.
Hartina : ari bangun saperti jelema lungguh, tapi ari ditukangeun lain deui nakalna.
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma.
Hartina : ari rupa rupa geulis jeung manis tapi semu semu dusun.
Nya ngagogog, nya mantog.
Hartina : nitah digawe ka batur bari prak ku sorangan.
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi.
Hartina : taya pegatna, taya petotna, taya eureunna, upamana nu jadi kolot nyaahna ka nu jadi anak.
Geus nepi kana gurat.
Hartina : geus nepi kana tutulisanana, kana nasibna.
Hambur bacot murah congcot.
Hartina : karesepna sakeudeung sakeudeung nyarékan, tapi tabéatna béréhan
Teu puguh salang - surupna.
Hartina : Teu puguh aturanana, teu puguh maksudna, pacorok, beunang disebut ogé teu puguh, salah surupna atawa bener henteuna.
Pagirang girang tampian.
Hartina : pakia kia teu sabilulungan, silih éléhkeun dina bab perejekian.
Pondok nyogok, panjang nyugak.
Hartina : Sasadu bisi aya omongan nu matak ngaraheutkeun haté batur.
Rék nyicikeun cai ngawurkeun lebu.
Hartina : Sumpah tanda kapok kana kalakuan goréng anu geus disorang, rék babalik pikir, moal deui deui migawé lampah goréng cara nu enggeus enggeus.
Cai asa tuak bari, kéjo asa catang bobo.
Hartina : dilarapkeun ka nu gering nangtung ngalanglayung, biasana ku lantaran kabungbulengan atawa kaédanan, nepi ka henteu daék barangdahar da sagala kadaharan henteu mirasa. Tuak bari nyaéta tuak nu geus di peutingkeun, karasana haseum; ari catang bobo nyaéta tangkal kai nu geus rék ancur ku sabab kahujanan kaanginan. Sagala teu mirasa ku sabab keur gering pipikiran.
Séngsérang padung.
Hartina : Jalma nu geus kolot tur geus deukeut ka paéh, biasana digunakeun pikeun nyindiran ku sabab éta jalma boga kahayang nu minculak, upamana hayang kawin deui ka parawan.
Tunggul dirarud catang dirumpak.
Hartin : Ngalakukeun sagala rupa hal bari henteu boga pikir rangkepan, henteu merdulikeun cegahan agama atawa moral.
Ngilik ngilik geusan eunteup.
Hartina : Néangan tempat anu bisa diadonan matuh boh pikeun saheulaanan boh pikeun salilana
Hirup katungkul pati.
Hartina : Jalma hirup di dunya moal salawasna, saréréa baris ngalaman pati.
Sok diteruskeun ku "paéh teu nyaho di mangsa" da pati mah rasiah gusti, teu aya jalma nu terangeun iraha irahana baris maot.
Masing héjo lémbok panjang carita, jauh balai parek rejeki, runtut raut reuay budak.
Hartina : Hirup salamet sabada ngajodo, salilana di paparin rejeki bari dijauhkeun tina balai, salaki - pamajikan tara (sering) paséa, do'a ti kolot.
Si cépot jadi raja.
Hartina : Jalma nu lain cabakna da henteu bogaeun kasanggupan anu dipikabutuh jeneng jadi pangkat, tangtu makmak - mekmek bari sagala kawijakanana henteu aya nu bener.
Bisi kadéngé ku cakcak bodas.
Hartina : Bisi kanyahoan ku intel anu rerencepan nalingakeun urang, nu gawéna ngadéngékeun omongan rasiah atawa ngawaskeun sagala kalakuan anu dianggap pasalia komo deui mun ngalawan kana kakawasaan nu keur jeneng.
Ka hareup ngala sajeujeuh, ka tukang ngala saléngkah, nya lampah ulah rék salah.
Hartina : Dina enggoning urang di gawe kudu maké jeujeuhan, sangkan ulah aya matakna kana diri.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar